Assalamu alaikum Wr. Wb.
Wilujeng tepang lo...amang didieu bade medar carita / lalakon sasakala Desa Buntu nu kiwari janten Desa pangbeungharna sakabupaten Majalengka. seueur pisan pahlawan devisa nu masih ngumbara di luar nagri nu kawitna ti Desa Buntu.
Kapungkur mah da sanes Desa Buntu, saur kasepuhan olot Tarma (Alm) Desa Buntu teh kawitna Tegal Jambu margi seueur pisan tangkal jambu, ti kawit penjajahan jepang nembe digentos ku Desa Buntu, margi urang jepang waktos ngajajah, teu tiasaeun kama-mana deui saentosna mendakan tegalan jambu, janten nelah weeh BUNTU hartosna teu aya jalan deui.
Mangga ka ahli sejarah desa buntu, bilih bade medar sasakala nu langkung bentes...
amang mah kur sakadar ngabuka ieu halaman SASAKALA, hapunten bilih aya kalepatan
Cag ah... amang bade leleson heula
Meni waas kitu,ningalina eta alun2 desa, da baheulamah aya tangkal caringin paranti ngiyuhan mun istirahat sakola. Beda jauh siganamah,rada gersang kitu gs 38 taun ka tukang. Coba pelakan tatangkalan atuh, pak Kuwu,jukut2na ambeh hejo. Aya meureun anggaranna bisa nyokot ti APBD atw iuran warga.
BalasHapusEnya nya kang,..sok inget basa keur sakola sd, ayun-ayunan dina janggot caringin,..hehehe...
BalasHapusmang atuh sepi
BalasHapus